Sabtu, 07 Mei 2016

BABAD LOKAPALA



Dina carita pawayangan -  nu nelah  Babad Lokapala - kocap aya hiji satria nu karek lugay ti padepokan, ngaranna Raden Bangbang Somantri. Inyana geus panceg niatna hayang kumawula ka raja nu dianggap leuwih luhur elmuna. Nya nu dijugjug teh karajaan Maespati, da ceuk beja nu jeneng raja Prabu Arjuna Sasrabahu kawentar digjaya sakti mandraguna.

Sanggeus cunduk ka payuneun raja, Bangbang Somantri waleh nembrakeun pamaksudanana. Sakedapan Sang Prabu hemeng.
“ Taya bayana andika kumawula di dieu..” Saurna.
“ Tapi wayahna rek dipentes heula… Jung indit ka Magada jadi utusan kaula. Di Magada aya saembara marebutkeun putri Citrawati. Mun andika bisa meunangkeun eta saembara sarta masrahkeun Nyi Putri ka kaula, andika ditarima kumawula didieu…”
“Dawuh timbalan Gusti..” walon Bangbang Somantri nyanggupan.

Gancangna carita, Bangbang Somantri miang ka Magada diiring ku para ponggawa.  Caritana nya anjog ka nu dijugjug, tempat saembara di Magada. Dewi Citrawati calik gedengeun ingkang rama nyakseni nu bitotama.  Sakitu geulisna, pantes mun loba pisan nu marikayangna.

Kajurung ku hade milik bari leber wawanen tur mibanda kadigjayaan, dina derna milu saembara ngadu jajaten, Bangbang Somantri kabiruyungan unggul. Euweuh nu bisa ngungkulan kana kasaktianana.  Kukituna nu geulis Putri Dewi Citrawati teh kacangking ku inyana.  Tangtu bae jadi kabungah jeung  kareueus, lantaran bakal bisa nembongkeun kadigjayaan ka Sang Prabu Arjuna Sasrabahu.

Bari ngaboyong Sang Putri rek mulang ka Maespati, Bangbang Somantri teu weleh ngarasa reueus ku kadigjayaanana sorangan. Boga rasa bener manehna teh sakti manggulang-mangguling.  Teu karasa jorojoy aya niat hayang ngajajal Sang Prabu. Saha nu nyaho kadigjayaanana sarua jeung aing atawa boa sahandapeun aing, ceuk pamikirna. Rasa ajrih ka raja sakedapan leungit, nu timbul ujub jeung nguntup hayang nyoba kasaktianana.

Kukituna basa nepi ka tepis wiring, reg eureun sarta ngajurungan ponggawa sangkan nepungan raja di karaton. Pokna, “ Bejakeun ka Sinuhun, putri moal disanggakeun,  mun butuh cokot kadieu…” Cenah kitu talatahna.

Ngadangu iber ti ponggawa, sakedapan mah Sang Prabu Arjuna Sasrabahu ngaheneng. Aya oge raosna asa diunghak. Tapi bubuhan raja linuhung, teu gasik bendu. Anjeunna nyaosan kahayang nu jadi utusanana.

 “ Aya naon andika ngageroan kaula kadieu..?” Saur Sang Prabu leuleuy , sanggeus amprok jeung Bangbang Somantri.
“Ampun Gusti…” Walon Bambang Somantri bari brek nyembah tapak deku.

Derekdek ku inyana dicaritakeun, yen hayang ngajajal heula kasakten Sang Prabu, da keur naon cenah kumawula mun kadigjayaan Sang Prabu teu saluhureun. Ngadangu kitu Sang Prabu mesem. 
“ Hade, kahayang andika ku kaula dicumponan…” Walerna.

Der ngadu jajaten antara Bambang Somantri ngalawan Prabu Arjuna Sasrabahu. Pohara  rongkahna puguh papada sakti jeung digjaya. Sang Prabu nu kawitna mah ukur sahinasna ngayonan Bangbang Somantri, lami-lami ngaluarkeun ajian pamungkasna, nyaeta ajian triwikrama.  Ana jelegjeg teh salirana ngaageungan mapakan gunung. Bangbang Somantri diranggeum ku sapalih pananganna. Nu diranggeum teu walakaya iwal ti koceak – dengek.
“ Tobaaat…ampuun Gusti…….” Ceuk Bambang Somantri ngarasa taak.

Sang Prabu teu tega ningal kitu mah.  Sot Bangbang Somantri dilesotkeun. Tuluy anjeunna mulih deui kana jirim aslina. Bangbang Somantri ngarumpuyuk, bari lumengis menta dibere ampun.

“ Cukup sakitu Somantri..? “ Saur Sang Prabu
Nu ditanya ukur ceurik bari nyuuh na sampean raja.
“ Mun andika masih hayang kumawula ka kaula…” Saur Sang Prabu deui.
“ Jung geura indit ka Gunung Untara, pindahkeun Taman Sri Widari ka Maespati. Mun bisa, maneh ditarima ku kaula..”

Bangbang Somantri da puguh kacida hayangna kumawula ka Prabu Arjuna Sasrabahu, nyanggupan. Sok sanajan  bari bingung, puguh teu nguntup. Undur ti payuneun raja, inyana niat mulang heula ka padepokan, sugan aya bongbolongan ti nu jadi kolot.

 “ Naon nu jadi kasusah teh kang Mantri…?” Ceuk Sukrasana adina, barang tepung di padepokan.
“Nyaeta akang teh dipentes ku Sang Prabu kudu mindahkeun Taman Sri Widari ti Gunung Untara ka Maespati, tapi akang teu bisa…” Walon Bangbang Somantri bari sedih.
“ Alaaaahh …nu kitu mah babari !…” Ceuk Sukrasana
Sok ku uing dibantuan, tapi engke uing milu  ka Maespati, heuheuh…?”

Bangbang Somantri sajongjongan mah kaget, percaya teu percaya. Tapi ahirna teu burung  ngaenyakeun .
Kersaning para Dewata, ku kasaktian Sukrasana nu wujudna buta, Taman Sri Widari sakedet netra pindah ka Maespati. Atuh plong Bangbang Somantri teh asa bungangang nu taya hinggana. Tapi orokaya Sukrasana nagih jangji. Maksa hayang milu ka Maespati. Ari Bangbang Somantri da puguh teu hayang mawa, lingsem ku wujudna Sukrasana nu sakitu goreng patutna.   

Keukeuh nu hayang milu, keukeuh nu embung mawa, antukna Sukrasana disingsieunan ku panah. Dihin pinasti anyar pinanggih, Sukrasana lain sieun kalah ngarontok kana gondewa nu geus sapentang-pentangeun. Atuh bres bae panah teh nanceb kana beuteungna. Sukrasana tiwas sapada harita.

Pungkasan carita, Bangbang Somantri miang deui ka Maespati sarta tinekanan kumawula ka Prabu Arjuna Sasrabahu. Ceuk galur carita, jaga waktu Bangbang Somantri tarung jeung Rahwana, arwah Sukrasana nyurup ka Rahwana sarta males ka Bangbang Somantri, nepi ka ieu satria teh tiwas. Cenah ieu teh jangji Sukrasana samemeh ngaleupaskeun nyawana…*
--------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang.
Galindeng.blogspot.com


PAMALI



Kawasna barudak ayeuna mah moal nyaho jeung moal ngartieun kana kecap “pamali”, sebab eta kecap teh geus tara kadenge boh di pilemburan sok sumawonna di pakotaan. Kajaba meureun di wewengkon nu masih pageuh kana tali parantina, mun aya.

Baheula kecap pamali teh ngabogaan pangaruh nu kawilang kuat. Teu sambarang jalma wani ngarumpak kana naon nu di geus dipamalikeun. Naon pamali teh ? Ningali loyogna kalimah, pamali teh bisa disebutkeun sarupaning panyarek, nu dianggap bisa ngabalukarkeun mamala mun dirumpak. Contona kieu, “ Ulah calutak ka kolot, pamali…” Ulah calutak hartina ulah kurang ajar. Mun kurang ajar ka kolot bisa meunang bebendon ti Nu Maha Kawasa. Kitu kurang leuwihna.

Ngadenge kecap pamali jalma baheula jarang nu wani bahula. Antukna naon nu dipamalikeun saolah-olah jadi aturan nu dicekel pageuh, jeung sacara turun-tumurun ditepikeun ka sekeselerna. Mireng kitu, kawasna teu salah mun budaya pamali dianggap hiji kaarifan budaya buhun. Ukur ku kecap pamali jalma-jalma tumut kana tali paranti. Jalma-jalma teu wani sagawayah mantangul kana naon nu geus jadi papagon.

Ngaguar masalah pamali lain hartina urang kudu balik deui ka jaman pamali. Tapi teuleuman ajen nu aya dina budaya pamali. Jalma baheula gugon kana naon nu geus dipamalikeun, cirining maranehna teh tumut jeung ajrih ka para karuhunna. Tah tumut jeung ajrih eta nu mangrupa ajen budaya pamali.

Kiwari rasa tumut jeung ajrih ka karuhun atawa ka kolot geus laas. Kitu deui kana aturan kamasarakatan atawa kanagaraan. Jalma kiwari geus loba pisan nu wani mungpang kana papagon. Boh papagon agama, papagon kamasarakatan, atawa papagon hukum. Geura titenan, undang-undang kurang kumaha loba, pulisi jeung jaksa kurang kumaha rempeg, tapi jalma-jalma beuki loba nu malawading. Padahal baheula mah cukup ku disebut “pamali”, jalma-jalma teh narurut.

Jaman memang geus robah. Jalma baheula leuwih ngaheulakeun nurut najan teu ngarti. Tapi jalma kiwari ngaheulakeun teu nurut sanajan ngarti. Baheula sanajan ngagunakeun basa silib, jelema teh tetep ngarti. Contona, “ Ulah diuk dina bangbarung pamali bisi nongtot jodo…” Saliwatan asa teu ngambung antara diuk dina bangbarung ( lawang panto imah baheula ) jeung nongtot jodo ( hese jodo ). Tapi eta panyarek teh tetep digugu, da rasa tumut jeung ajrih tea. Bandingkeun jeung ayeuna, “ Ulah miceun runtah di dieu” Kitu unina hiji tulisan di sisi jalan, tapi ih bru deui-bru deui nu ngadon miceun runtah sangeunahna di sisi jalan, teu uyahan…

Masalahna memang lain ngarti-teu ngarti, tapi geus lunturna rasa tumut jeung ajrih tea. Kecap pamali kiwari geus teu kadenge. Rajeun aya nu ngucapkeun ukur heuheureuyan, “ Pamali paman diali…” Cenah bari seuri. Kecap pamali geus dianggap kuno, tingaleun jaman, laas, bareng jeung laasna rasa tumut jeung ajrih jalma-jalma kiwari. Keun ku laasna kecap pamali, tapi mun rasa tumut jeung ajrih eta nu laas pikumahaeun barudak urang jaga…?  *           
                                               
Galindeng.blogspot.com

BANJIR GETIH DI BUBAT



Lir kembang nu keur mangkak mekar, geulisna Nyi Putri Dyah Pitaloka – yuswa  18 taun -   putri cikal Maharaja Linggabuana raja Sunda di Kawali, kaemper-emper ka Majapait, sarta  kaangseu ku Maha Prabu Hayam Wuruk. Harita Sang Prabu teh nuju milari pigarwaeun geusan permaisuri. Ngadangu di Kawali aya nu mencrang lir wajra  ( permata ), anjeunna kataji. Ongkoh sakalian seja  ngaraketkeun tatali wargi, da  mun dijujut ka luhur, Majapait jeung Sunda teh masih sakaruhun.

Gancangna carita, Sang Prabu nimbal utusan ngalamar Nyi Putri. Batu turun keusik naek, Maharaja Linggabuana nampi kana eta lamaran. Nya tuluy babadamian kumaha tatacarana. Hasil babadamian dua pihakna sapuk, Nyi Putri dijajapkeun ka tapel wates Majapait, engke di ditu dipapag ku Sang Prabu Hayam Wuruk.

Cunduk kana waktu nu ditangtukeun, Nyi Putri dijajapkeun ku ingkang rama ka Majapait. Teu nyandak pasukan perang da maksudna ge rek ngiringkeun pipanganteneun. Ceuk sumber carita, jumlahna ge kurang ti saratus urang. Eta teh ti mimiti gegeden karajaan nepi ka para sahaya jeung para emban.

Nepi ka alun-alun Bubat, Sang Prabu nu majar rek mapag teh can aya. Nya rombongan tatahar kemah bari itung-itung reureuh. Keur itu jol utusan Majapait, ngemban parentah ti Patih Gajah Mada. Cenah Nyi putri teh kudu dianteurkeun ka Sang Prabu  Hayam Wuruk salaku seba tanda Sunda taluk ka Majapait. Maharaja Linggabuana kasigeung manahna. Nya patorong-torong. Jol Patih Gajah Mada, inyana ngancam mun pihak Sunda teu ngagugu rek dirurug. Enya kituna teh bari geus sayaga angkatan perang Majapait nu sakitu tohaga jeung samagreng pakarangna.

Maharaja Linggabuana najan tos ngukur moal pikuateun ngayonan pasukan Majapait, anjeunna milih kahormatan jeung harga diri. Ajeunna milih ancur tutumpuran tibatan kudu daek dianggap patalukan. Nya cumeluk ka rengrenganana,
 “ Sanajan getih bakal ngocor kawas walungan di medan Bubat ieu, kahormatan kami jeung kabeh satria Sunda moal rek ngantep kana panghianatan ka nagara jeung rayat kami. Ku sabab kitu arandika ulah gimir.” Saurna.
Kabeh pangiringna sapuk,  buleud mending milih pati  batan kudu dihina saperti kitu.

Antukna perang teu bisa disinglar. Masing-masing tukuh dina pamadeganana. Dina derna perang campuh, Maharaja katut para satria Sunda satekah polah ngalawan. Kabeh milu jurit. Tapi da puguh teu saimbang, Maharaja katut rombonganana tiwas. Kaasup Nyi Putri Dyah Pitaloka jeung para emban nu milih mati bela ku jalan newek salira.

Prabu Hayam Wuruk kacida reuwasna barang uninga kitu kajadianana. Puguh eta teh sanes kahoyongna, asli alpukahna Gajah Mada. Bari hanjelu jeung sedih kingkin mireng pibojoeun nu geulis kembang Kawali, sarta pimertuaeun Maharaja Linggabuana katut rengrenganana nu geus ngababatang bari guyang getih, anjeunna marentahkeun supaya mulasara layon sacara kanagaraan. Anjeunna ku anjeun ngiring icikibung, mulasara layon putri sareng ramana.

Caritana layon teh dipulasara numutkeun tatacara Hindu-Buda dina upacara nu agung. Lebu layon dipasrahkeun ka utusan ti ka Kawali. Sang Prabu Hayam Wuruk nimbal utusan geusan sanduk-sanduk menta pangampura ka pihak karajaan Sunda.   Ti dinya brek Sang Prabu teh teu damang wales ngemutan wae eta kajadian. Ari Patih Gajah Mada kungsi kabur sieuneun ditibanan hukuman ku pihak karajaan. Cenah dihiap deui ka karaton sanggeus Prabu Hayam wuruk garwaan ka Ratu Ayu  Kusumadewi.

Ieu kajadian teh dina taun 1357 Masehi tanggal 13 bagian caang bulan Badra taun 1279 Saka, poe Salasa Wage samemeh tengah poe. Ti harita nami Maharaja Linggabuana kamashur nepi ka mancanagara, geus puguh di sajeroeun karajaan Sunda mah. Maharaja Linggabuana dipireueus salaku raja nu gugur dina ngabela kahormatan karajaan Sunda. Nya ti dinya anjeunna nelah Prabu Wangi, hartina raja nu namina seungit…*

----------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang
Galindeng.blogspot.com

Patali sareng ieu, aos : Prabu Siliwangi TehSaha

PRABU SILIWANGI TEH SAHA


Nepi ka ayeuna ngaran Prabu Siliwangi masih jadi mitos. Cenah anjeunna teh raja Pajajaran anu pinuh ku komara jeung digjaya. Kusakti-saktina, waktu Pajajaran kadeseh ku tentara Banten, Prabu Siliwangi tilem atawa ngaleungit. Patarosanana : saha Prabu Siliwangi teh, atawa raja Pajajaran nu mana  ? Naha jujuluk hiji Raja atawa kabeh raja Pajajaran ?
Aya nu nyebutkeun Prabu Siliwangi teh Sri Baduga Maharaja, nu dianggap nu ngadegkeun karajaan Pajajaran. Tapi mun dihubungkeun jeung mitos nu majar Prabu Siliwangi tilem tea, teu keuna. Sabab Sri Baduga Maharaja mah nyakrawati dina taun1482 nepi ka 1521 Masehi. Sedengkeun waktu Pajajaran kadeseh ku tentara Banten nepi ka runtagna kajadianana taun 1579 waktu nu jeneng raja  Prabu Raga Mulya, raja Pajajaran ka 6 mun diitung ti Sri Baduga Maharaja.
Mun disusud ka belah ditu – jaman karuhunna Sri Baduga Maharaja – kecap “Siliwangi” teh tina kecap Silih-Wangi. Silih hartina nu ngaganti atawa gaganti, Wangi tina Prabu Wangi. Jadi kecap Siliwangi teh hartina nu ngaganti Prabu Wangi, atawa gaganti Prabu Wangi. Saha Prabu Wangi teh? Prabu Wangi teh uyutna Sri Baduga Maharaja, raja karajaan Sunda waktu puseur dayeuhna di Kawali. Kakasihna Maharaja Linggabuana.
Maharaja Linggabuana gugur dina Perang Bubat, taun 1357 Masehi. Ti harita anjeunna nelah Prabu Wangi (=raja nu namina seungit ) sabab anjeunna kamashur nepi ka nagara-nagara lian tina kapahlawanana.  Karajaan Sunda satuluyna dirajaan heula ku Bunisora, da putra mahkota masih keneh alit. Sanggeus putra mahkota dewasa, nya dijenengkeun raja kakasihna Prabu Wastu Kancana, atawa aya oge nu nyebut Prabu Lingga Wastu.  Nilik kitu ,nya Prabu Wastu Kancana ieu nu dianggap gaganti Prabu Wangi teh, da puguh ahli warisna. Prabu Wastu Kancana kaceluk raja agung nu luhung jeung pinandita.
Ari Sri Baduga Maharaja pangna dianggap Prabu Siliwangi, bisa jadi lantaran kaasup turunan Prabu Wangi. Perlu dikanyahokeun, satutasna Prabu Wastu Kancana karajaan Sunda dibagi dua. Belah kulon dirajaan ku Prabu Susuk Tunggal, puseur dayeuhna  Pakuan ( daerah Bogor ). Belah wetan dirajaan ku Prabu Dewa Niskala nu ngawengku wewengkon Parahiangan. Sarua duanana ge putra Wastu Kancana.
Sabada aya pacogregan antara Susuk Tunggal jeung Dewa Niskala, eta dua karajaan teh dihijikeun deui ku  Jayadewata. Ari Jaya dewata teh putra Dewa Niskala anu oge mantu Susuk Tunggal. Nya anjeunna nu jadi raja Sunda satuluyna kalayan jujuluk Sri Baduga Maharaja. Sri Baduga Maharaja dianggap gaganti Prabu Wangi kahiji memang aya turunan, kadua dumeh karajaan Sunda dihijikeun deui sarta puseur dayeuhna balik deui ka Pakuan ( wewengkon Batutulis Bogor ) sakumaha baheula waktu diadegkeun ku Tarusbawa dina taun 670 Masehi ( Raja Tarusbawa jeneng raja Tarumanagara taun 669 Masehi. Sataun ti harita mindahkeun puseur dayeuh ti wewengkon Bekasi ka Bogor, sarta ngaganti ngaran Tarumanagara jadi karajaan Sunda )

Ari ngaran Pajajaran – cenah ceuk salah sahiji panalungtikan – dumeh karaton  teh (  karaton sok disebut oge   pakuan ) aya lima ngajajar. Jaman harita ngaran karaton  sok nelah jadi sesebutan puseur dayeuh, nu satuluya nelah oge jadi sesebutan nagara ( kawas waktu puseur dayeuh keur di Kawali, karajaan Sunda katelah karajaan Kawali ). Jadi ngaran Pajajaran teh asalna ngaran karaton ( Pakuan Pajajaran / karaton Pajajaran ), tuluy jadi ngaran puseur dayeuh, satuluyna jadi ngaran karajaan. Nya nelah karajaan Pajajaran.

Ana kitu nu ngadegkeun Pajajaran teh lain Sri Baduga Maharaja tapi Tarusbawa. Sri Baduga Maharaja mah nu mindahkeun deui puseur dayeuh ti Kawali ka Pakuan. Kumaha ari sebutan Prabu Siliwangi tea ? Bisa jadi Prabu Siliwangi teh jujuluk keur raja-raja turunan Pabu Wangi. Wallahualam… *
---------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang 
galindeng.blogspot.com

Patali sareng ieu, aos : Banjir Getih Di Bubat