Tampilkan postingan dengan label BUDAYA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label BUDAYA. Tampilkan semua postingan

Minggu, 15 Mei 2016

NGEMBANGAN



Bareto basa kuring keur ngajar di Tangerang taun tujuhpuluhan - pasna di desa Jengkol kacamatan Kresek – kungsi manggihan kabiasaan wewengkon nu karek harita kuring nyahona. Kabupaten Tangerang harita masih keneh lega. Kacamatan Kresek kaasup salah sahiji kacamatan anu jolok. Listrik karek aya di sawatara tempat. Wewengkon anu di cicingan ku kuring mah lapur. Kaasup jalan ukur jalan jajahan biasa. 

Sakadar keur ngagambarkeun kumaha urang dinya harita - Lain sing heureuy - bener aya kandang munding anu ditempatkeun di hareupeun imah ( sasuhunan jeung imah ). Malah di Desa Gunung Kaler mah aya munding nu saimah jeung nu bogana. Duka tah naha imah dipake ngampihan munding, atawa kandang
munding dipake imah...

Balik deui kana kabiasaan nu kuring karek nyaho tea. Di lelewek eta harita aya kabiasaan nu disebut “ngembangan”. Memang teu kabeh urang dinya make, tapi aya keneh nu sok ngalakukeun. Naon ngembangan teh ? Ngajodokeun budak, dina harti nyangreudkeun pasini antara kolot budak lalaki jeung kolot budak awewe.

Ari budak nu dikembangan kira-kira umur 8 -10 taun atawa saumur murid SD. Tangtu wae ieu teh kahayang kolot pada kolot. Tujuanana rupa-rupa, diantarana mageuhan mimitran antara kolot budak awewe jeung kolot budak lalaki. Atawa supaya harta banda kolot jaga ngahiji. Biasana nu beunghar jeung beunghar. 

Dina prungna ngembangan, mokaha kawas ngawinkeun budak gede. Biasa hajat jeung ondang-ondang. Malah mun ninggang ka jelema aya mah make jeung tatanggapan sagala. Biasana sok nanggap topeng, samodel Lenong Batawi kitu. Ari pangantenna biasa direnceng-renceng. Didangdanan ilaharna panganten, jeung dipajang ngarah katempo ku tamu. Kulantaran Tangerang teh deukeut ka Jakarta, Pangaruh Batawi
karasa pisan dina prak-prakanana kariaan.

Geus beres dikembangan panganten teh papisah deui ; budak awewe di kolot awewe, budak lalaki di kolot lalaki. Dina emproanana eta budak teh sok pahare-hare. Da puguh dikembangan teh sasat kahayang kolot-kolotna, maranehna mah teu ngarti nanaon. Cenah jaga mun geus arakil baleg, aya dua kamungkinana : jadi ngajodo, atawa teu jadi ngajodo. Mun jadi ngajodo biasa kawin nyaan dirapalan. Mun henteu, nya bolay kumaha karep masing-masing.

Resep teh ari ngagonjak budak awewe nu geus dikembangan. Manehna sok uman-imen atawa jejebris mun dieuleuh-euleuh teh. Malah sok gudad-gadeud sakalieun amprok jeung “salakina”ge. Harita kuring boga batur ulin nu geus dikembangan keur leutikna, ngaranna Nurjen. Ceuk inyana, ari teu bogoh mah kumaha, nya neangan deui we nu sejen...

“ Keun bae dipulung ku didieu ?” Ceuk kuring ngaheureuyan.
“ Pek bae ari hayang mah...” Jawabna daria.
“ Can dikukumaha...?”
“ Boro-boro..”
“ Atuh si Jamini teh randa bengsrat nyah...?”
Si Nurjen ukur nyerengeh...*
------------------------------------------------------
Galindeng.blogspot.com / Mang Nanang.


Kamis, 05 Mei 2016

NGANJANG



Taun tujuh puluhan kuring kungsi ngumbara di wewengkon Banten, pernahna di desa Jengkol kacamatan Kresek kabupaten Tangerang. Harita Tangerang can rame kawas ayeuna, ongkoh sacara administrasi masih ngahiji jeung  Jawa Barat. Kacamatan Kresek alam harita kaasup salah sahiji wewengkon nu pangjolokna mun diukur ti kota kabupaten. Jalan ka arah dinya ti Balaraja kawilang ruksak. Can loba kandaraan umum; patalimarga Balaraja-Kresek ukur ku oplet nu ngan sababaraha hiji jumlahna.
Ana reup peuting, poek mongkleng buta rata. Can aya listrik, komo televisi mah. Di unggal imah ukur caang ku lampu cempor. Sepi, comrek, ukur sora jangkrik  jeung sabangsana nu kadenge. Di hiji dua imah sok rajeun kadenge sora radio, ngan eta-etana nu minangka sarana hiburan. Kuring kakara harita aya di wewengkon eta.  Meunang opat taun, lumayan boga rupa-rupa pangalaman guareun kiwari. 

Diantara pangalaman-pangalaman eta, nu masih natrat dina ingetan nya eta pangalaman nganjang. Waas mun geus inget ka dinya. Istilah nganjang di lelewek eta beda maksudna jeung nganjang di lembur kuring. Di lembur nu disebut nganjang teh nyemah ka tatangga atawa ka saha bae. Ari di dinya nganjang teh ulin ka imah awewe, dina harti ngahelaran atawa maranan. 
Ari awewe nu diulinan bisa parawan, bisa oge randa. Memang teu kabeh awewe nu lalagasan bisa dianjangan. Awewe nu sok daek dianjangan disebut rangda. Bisa dianjangan ku saha bae, rek wawuh rek teu wawuh. 
Kumaha nganjang teh ? 

Bada isa, biasana rangda teh geus midang di tepas imahna. Ngahaja meunang dangdan jeung ngageulis. Ari kolot-kolotna atawa kulawargana caricing di jero, tara openan. Teu sawatara lila jol nu nganjang, biasana barudak bujang nu keur meujeuhna resep ulin. Nu nganjang teh bisa saurang, duaan atawa lobaan. Ku nyi rangda ditarima sarta dilayanan, boh ukur ngobrol atawa heureuy. 
Biasana – komo mun peutingna keur hade - teu mangkuk sawatara lila, torojol deui nu datang. Aya nu leumpang, aya nu kana sapedah. Nu datang ti heula sok ngolesed pamitan, maksudna mere kasempetan ka nu anyar datang, kitu etikana. Dina sapeuting teh nyi rangda bisa kadatangan ku sababaraha rombongan.  Ari lalaki nu tadi mulang tea nganjang deui ka rangda sejenna. Sarua maranehna ge dina sapeuting bisa nganjangan sababaraha rangda. Nu dimaksud sapeuting kira-kira nepi ka jam sapuluhan, satunduhna rangda. 
Beuki geulis nyi rangda - komo mun bari akuan jeung darehdeh   - sok beuki loba nu nganjanganana. Ngaranna jadi kacapangan diantara barudak tukang nganjang. Lalaki nu kapincut biasana sok  remen datangna. Tangtu wae teu sakadar ngobrol, tapi kaluar oge  “rayuan gombalna”. Nyi rangda bisa milih saha nu leuwih cop jeung hatena. Mun inyana oge geus ngarasa bogoh, biasana sok beda rindatna. Geus kitu mah kari ikrar “batu turun keusik naek”. Keur leuwih ngaraketkeunana biasana nyi rangda sok dibawa lalajo mun aya pintonan, topeng atawa wayang golek. 
Tina nganjang kitu loba oge nu tuluy ngajodo. Lalaki nu geus cop ka hiji rangda bari rangdana oge daekeun, biasana sok buru-buru nanyaan. Sabab mun teu kitu bisa wae nyi rangda kabengbat ku nu sejen.  Cenah salila nyi rangda can dikawin, inyana bisa keneh dianjangan ku nu sejen ,sanajan kasebutna geus aya nu boga. Tapi hal eta gumantung oge kumaha rangdana…
Waas ngabayangkeun jaman keur sok milu nganjang. Ngabelaan poek jeung tiris abring-abringan ka imah rangda. Ukur kacaangan ku lampu cempor, bari katirisan ku angin nu ngahiliwir - da puguh tepas teh sok ngabolongor - nyi rangda diriung bari pada ngagonjak. Nu digonjak ukur uman-imen bari mesem, leuwihna ti kitu nyikikik.
 “ Tunduh ah, isuk deui nya…” Ceuk nyi rangda mun inyana geus hayang ngampih.
Teu majar kumaha, geus kitu mah kapaksa mulang……*
-----------------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang
Panineungan ka batur ulin di Kampung Jengkol Kresek Tangerang

galindeng.blogspot.com