Tampilkan postingan dengan label DONGENG BUHUN. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label DONGENG BUHUN. Tampilkan semua postingan

Kamis, 17 Mei 2018

DONGENG SAKADANG MONYET JEUNG SAKADANG KUYA


Di kebon pa tani, cabe mani meuhpeuy geus meujeuhna alaeun. Lar sakadang kuya jeung sakadang monyet ka lebah dinya.
“ Lakadalah…aya dahareun euy…” Ceuk sakadang monyet
“ Heueuh kabeneran uing geus hayang barang hakan…” Tembal sakadang kuya.

Teu antaparah deui, eta dua sato teh ngaremus kana cabe saseubeuhna. Lila-lila sakadang monyet ngarasa lada. Bari cacamuilan teh manehna cocorowokan, “ Seuhah lata-lata…seuhah lata-lata…” Cenah.
“ His, ulah gareuwah bisi kadengeeun ku pa tani…!” Ceuk sakadang kuya.
Tapi sakadang monyet teh hayoh we seuhah lata-lata seuhah lata-lata, bari hantem cacamuilan.

Pa tani nu boga kebon kawasna ngadengeeun. Manehna buru-buru ngariksa ka kadinya.
“ Hah, beunang siah nu sok malingan cabe aing teh…” Pokna.
Mireungeuh kitu sakadang monyet ngagajleng sarta nerekel kana tatangkalan. Tapi orokaya sakadang kuya mah teu bisa lumpat. Sakadang kuya ditewak ku pa tani, sarta tuluy dibawa ka imahna.
“ Yeuh barudak kurungan, isuk urang peuncit…” Ceuk pa tani ka anakna sanggeus nepi ka imahna.

Reup peuting sakadang kuya guling gasahan nyahoeun isuk rek dipeuncit. Kabeneran torojol teh sakadang monyet. Sakadang kuya asa boga harepan.
“Keur naon euy…?” Ceuk sakadang monyet.
“Keur ngawawas jadi panganten…” Tembal sakadang kuya teu kireum-kireum.
“Har ari kitu silaing teh rek kawin ?...  Jeung saha…?”
“Pan jeung anak pa tani…, tuh ayeuna di imahna keur tatahar rek hajat…”
“ Beu…bagja pisan silaing…. gentenan we ku dewek ….” Sakadang monyet daria.
“ Meunyi…” Jawab sakadang kuya.
“Atuh euy… pan urang teh geus lila sosobatan…..” Sakadang monyet maksa.
“Nya atuh ari silaing keukeuh mah teu nanaon, ngan dewek anteurkeun heula ka leuwi…” Ceuk sakadang kuya bari pohara atohna.
“ Cetek nu kitu mah…” Tembal sakadang monyet haget.

Gancangna carita kurung teh dibuka ku sakadang monyet. Tuluy sakadang  kuya dipangku, dianteurkeun  ka leuwi. Geus kitu sup sakadang monyet ka jero kurung. Sapeupeuting manehna jigrah, ngarasa bungah isukan rek dikawinkeun jeung anak pa tani.

Kocap isukna, pa tani geus ngasah bedog rek meuncit kuya. Kadengeeun ku sakadang monyet pa tani nyarita kieu,
“ Barudak bawa kuya teh kadieu…urang peuncit ayeuna…” Cenah.
Sakadang monyet ngajenghok, kakara ngarti manehna dilejokeun. Teu loba mikir  geuwat papaehan. Ngagoler teu empes-empes.

Srog budak pa tani ka dinya, kaget ningali kuya geus jadi monyet…
“ Abah…, geuning kuya teh jadi monyet….tapi geus paeh deuih…” Cenah ngagorowok.
Pa tani nyampeurkeun, bener kuya teh geus jadi monyet bari jeung geus paeh.
“Alungkeun we ka leuwi…!” Cenah nitah ka anakna.
Sakadang monyet dibawa ka leuwi, sarta lung dialungkeun. Puguh monyet hirup, barang keleweng teh, ujug-ujug gajleng we bari tuluy nerekel kana tatangkalan…..
---------------------------------------------------
Didongengkeun deui ku Mang Nanang

DONGENG SAKADANG PEUCANG


Di sisi leuweung aya walungan gede, caina ngagenyas herang. Dina hiji mangsa sakadang peucang anjog ka dinya, ngahaja hayangeun nginum. Bakat ku hanaang teu barang pikir, rot we nginum saseubeuhna. Keur jongjon ngalegik, ana gep teh sukuna digegel ku buaya. Sakadang peucang reuwas.  Tapi manehna nyoba neger-neger maneh.

“ Ku naon ari sia bet ngegel kai, da ieu suku uing mah ….” Ceuk peucang bari nancebkeun popongkol ka deukeut sukuna nu digegel ku buaya.

Nadenge kitu buaya ngaleupaskeun suku peucang, gep kana regang.  Peucang geuwat ngagajleng ngajauhan.
“ Dasar sato bodo siah… puguh bener nu digegel ku sia teh suku aing….” Ceuk peucang ngajejeleh bari nonggengan. Buaya bati ambek. Tapi teu bisa majar kumaha da peucang tuluy mabur ke jero leuweung.

Kocap sababaraha waktu ti harita, peucang anjog deui ka lebah dinya. Manehna hayangeun meuntas, ngan teu wani nenjo cai ngagulidag. Sok komo barang nenjo buaya nu kungsi dilejokeun tea keur calangap pikasieuneun . Tapi dasar sato pinter, manehna ujug-ujug manggih akal.
“ Sakadang buaya..!” Cenah ngagorowok.
“ Uing ngahaja kadieu rek seba awak ka silaing..”
Ngadenge kitu buaya curinghak, atoh. “ Rek seba awak…… ?” Tembalna.
 “ Sok atuh sia kadieu ku aing rek dihakan…” Cenah bari ngadeukeutan peucang.
“ Enya heug ….” Ceuk peucang. “ Ngan da awak uing mah bisa ngagedean moal beak ku hiji buaya…”
“ Jadi kudu kumaha..?” ceuk buaya.
“ Geroan balad silaing, kudu ku tujuhan hayang beak mah…” Jawab peucang.

Teu talangke buaya teh ngaleos rek ngageroan batur-baturna. Teu sawatara lila geus jol deui, rabul jeung ngaronghok hareupeun peucang.

“ Atuh tong tinglaliud kitu, sok ngajajar ti sisi belah ditu nepi ka sisi belah dieu. Ku uing rek diitung jejeg tujuhan…?” Ceuk peucang. Buaya nurut, heg maranehna ngajajar: nu hiji ngajepat ka girang, nu hiji deui ngajepat ka hilir. Kitu jeung kitu selang sekar, nepi ka siga cukang.

“ Caricing nya, ku uing rek diitung heula…” Ceuk peucang bari tatan-tatan rek ngagajleng.
Tuluy manehna ngawahan, geus kitu jleng kana tonggong buaya nu pangdeukeutna.
“ Hiji….” Cenah sanggeus cle dina tonggong buaya ka hiji.
Tuluy ngagajleng deui kana tonggong buaya ka dua. “ Dua…! “
Kitu jeung kitu, nepi ka sisi belah ditu. Sanggeus aya dina tonggong  buaya nu pang tungtungna, peucang ngagajleng ka darat, bari surak. “ Horseeehhh….!! “  Cenah pohara bungahna.

Buaya ting polohok. Kakara ngarti maranehna dilejokeun ku peucang.
Ari peucang tuluy ngincid ka leuweung bari samemehna ngajejeleh ka buaya. “ Dasar sato bodo siah…. Belegug ! Kalah awak we galede……!” Cenah.
Buaya ting laleos, handeueul jeung ambek katipu ku peucang……….*

-------------------------------------------
Didongengkeun deui ku Mang Nanang