Tampilkan postingan dengan label OPINI. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label OPINI. Tampilkan semua postingan

Kamis, 17 Mei 2018

DONGENG MEMEH SARE


Bareto jaman keur budak, memeh sare teh – bari gogoleran ngadagoan tunduh – abah sok ngadongeng. Rupa-rupa dongengna teh, dongeng buhun. Aya dongeng Si Kabayan, Sakadang Monyet Jeung Sakadang Kuya,  Sangkuriang Kabeurangan, Lutung Kasarung, Aji Saka, Dalem Boncel, jeung sajabana. Bari lalangkarakan nu ngadongeng ngecewis, ari nu ngadengekeun saregep  bari  peupeureuman. Teu bosen najan dongengna teh kitu keneh-kitu keneh. Sok komo mun bari  heureuy.

Alam harita ana reup peuting di luar sepi jempling. Can aya listrik komo TV ( televisi ) mah. Di jero imah ukur caang ku lampu cempor,  bari ketit-ketit. Bada isa sajolna balik ngaji ti tajug tara aya pacabakan  nanaon. Nu matak sok tuluy we gegelehean di enggon atawa tengah imah. Nya dina mangsa kitu abah, atawa ambu sok ngadongeng bari ngadagoan tunduh. Tempo-tempo sok tara kanyahoan tamatna dongeng teh,  kaburu ngeleyep.

Kiwari sanggeus caang listrik di mana-mana, bari TV ge geus aya ampir  di unggal imah, kabiasaan kitu teh geus langka, atawa boa euweuh. Rek teu kitu kumaha, beurang peuting TV ngagembrung bari acarana rupa-rupa pikaresepeun. Puguh matak pogot, boh kolot boh budak. Kitu ongkoh, katambah pan ayeuna mah loba pisan produk teknologi nu geus teu kaasup barang mewah.  Kayaning video, komputer, HP ( handphone ) jeung sajabana. Kukituna sarana “pangbebenjo”  jadi beuki loba. Hayang naon wae, kari boga duit keur meulina.

Jadi, mun tea mah dongeng memeh sare  kasered, kaharti. Kolotna geus teu mikir ngadongeng, budak can puguh resepeun kana dongeng.  Sok komo beuki dieu – beuki dieu pilem animasi dina TV beuki ceuyah jeung pikaresepeun. Atuh kaulinan anu disebut gim geus ilahar. Dalah barudak  balita  geus barisaeun maen gim.  Cohagna, dongeng memeh sare teh eleh jajaten. Munasabah bongan dongeng mah ukur sora, sedengkeun pilem animasi jeung gim mah nya sora nya katara.


Dipikir kitu memang wayahna. Tapi dalah kumaha, najan hanjakal lantaran barudak ayeuna jadi leuwih wanoh kana budaya deungeun. Upamana bae kana  tokoh-tokoh imajiner saperti robot, Spiderman, Bathman jeung sajabana. Urang tangtu ma’lum ari budaya teh pan ngandung ajen. Ajen bangsa deungeun can tangtu cocok jeung budaya urang. Jadi mun barudak urang hayoh dihuapan  budaya deungeun, rek kumaha budaya urang kahareupna ?

Padahal dina dongeng memeh sare teh loba pisan ajen positipna. Upamana atikan ngeunaan budi pekerti, wawasan, cinta lingkungan, pangaweruh, kapinteran jeung sajabana. Eta ajen-ajen teh bisa diselapkeun dina dongeng. Kawas dina “Dongeng Sakadang Peucang”. Dina dongeng eta peucang bisa ngelehkeun buaya. Padahal peucang teh sato leutik, ari buaya sato gede, kuat, bedas jeung galak. Naha ? Lantaran peucang mah pinter, ari buaya bodo.  Tah pan, bisa dipepelingkeun ka barudak yen hirup teh kudu pinter.  Ari supaya pinter nya kudu soson-soson ngalap elmu.

Inget keneh basa sok dipangdongengkeun ku ambu, bari ngadongeng teh panangan ambu nyaliksik kana buuk. Atawa ngusapan tonggong.  Karasa  geterna kaasih indung ka anak. Ana kitu, tetela dongeng memeh sare teh bisa ngaraketkeun tatali batin. Nu matak, mun bisa mah da ulah sina tilem……*

Ditulis ku Mang Nanang.



Senin, 24 April 2017

JALINGKAK




Awewe nu polahna siga lalaki, bareto mah sok disebut jalingkak. Upamana : tataekan, gugulantungan, ajrag-ajragan, ajleng-ajlengan, sesepakan,  jugang-jegang, gegelutan jeung sajabanana. Awewe  harita kudu andalemi. Mun dibaju, kudu baju awewe. Mu diuk kudu diuk awewe,  mun kaulinan  kudu  kaulinan awewe. Pokona ulah kawas lalaki. Mun teu kitu nya disebut jalingkak tea.

Kiwari kecap jalingkak geus langka diucapkeun. Lantaran polah awewe geus dianggap biasa jeung teu aneh mun sarua jeung lalaki. Geura titenan : bareto awewe teh mun budak atawa mojang sok marake erok, ibu-ibuna dikabaya jeung disamping kebat, pan ayeuna mah geus loba nu dangdananana kawas lalaki. Geus loba nu marake calana panjang, kaasup nini-nini.

Dina diuk, bareto mah awewe teh sok emok, nyaeta ti semet tuur ka handap duanana ditilepkeun ka tukang. Ayeuna diukna teh loba nu sila atawa bari nangkeup tuur. Malah mun keur boncengan dina motor ge, loba nu ngajegang. Pan bareto mah keur jaman dina sapedah diukna teh nyanghareup ka gigir, nu otomatis sukuna rekep.

Lebah kaulinan, kawas geus teu aya bedana. Mun bareto nu sok teterekelan teh lalaki, ayeuna mah awewe ge  sok tataekan. Kitu deui bangsaning ajleng-ajlengan, gugulantungan, sesepakan, akod-akodan, jeung sabangsana. Ningali awewe maen bal ayeuna mah teu aneh.
Malah pan aya awewe nu jadi  petinju , pegulat, angkat besi, jeung bangsaning kaulinan nu bareto mah kaulinan lalaki.

Jaman memang geus robah. Bareto awewe teh kudu andalemi, lungguh timpuh, lantaran kitu rasa ajen sosialna harita ;  awewe kudu identik jeung lemah lembut tur camperenik. Kiwari ajen kitu teh dianggap ortodok. Jadi panghalang kana kamajuan, kitu cenah. Salah ? Ah teu salah da nu ngaranna ajen mah pan kumaha nu ngama’naan. 

Ngan sawadina, awewe teh kudu eling kana jati dirina. Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak. Ulah rasa maneh geus jamanna kieu heug we teu pupuguh gehgeran….. pipilueun jalingkak… *  

Ditulis ku Mang Nanang