Aya taunna teu ka
lembur. Sakali mangsa mah ngahajakeun mulang. Lembur teh teuing ku asri. Gunung
ngadingding lir pipinding. Lebakeun gunung, pasir ngampar paranti urang lembur
ngahuma jeung tatanen. Atuh di lamping, sawah mayakpak lega naker. Tegal
pangangonan blung-blong diwatesanan ku tatangkalan nu rajeg sisieun leuweung. Mudun
saeutik wahangan ngagulidag, caina bersih jeung herang. Imah ukur clu-clo patarenggang.
Tiis, linduk, seger, perbawana tingtrim jeung betah.
Tapi eta teh bareto.
Kiwari lembur geus robah jeung pangling. Sawah nu mayakpak geus jadi perumahan.
Tegal nu blung-blong geus jadi pabrik. Galengan geus jadi jalan but-bet
kaditu-kadieu. Tatangkalan euweuh urut-urutna. Kari imah nu beuki gegek, ngabengbreng dimana-mana. Sawah beak dipake imah. Kebon
dipake imah. Sisi wahangan paragpag ku imah. Dalah kuburan kasered ku imah.
Hawa lembur geus teu
tiis. Karasa nyongkab perbawa taneuh geus dipelur jeung diaspal. Geus euweuh munding atawa domba kumelendang.
Nu lalar liwat iwal ti motor jeung mobil nu sorana gandeng jeung mulek ku haseup.
Kamarana ari urang lembur ? Teuing… nu sidik jelema alanyar wungkul ; teu wawuh
! Meureun nu kasebut jati kasilih ku junti tea.

Nu kacida hookeunana,
eta pasir paranti ngahuma geus rata. Malah geus gegek ku rupa-rupa wangunan.
Dikamanakeun taneuhna ?
“ Apan dipake nyaeur
jeung ngurug….” Kitu jawaban nu kadenge harita.
Bati hareneg…, emh eta
teh pangulinan bareto keur budak. Nya di
pasir eta ngadon kakatepelan ngala manuk, atawa tataekan bari heureuy sabatur-batur.
Ana geus cape sok tingsorodot ka lebak.
Tuluy tinggalujubar ka wahangan, ngadon ngojay jeung teuteuleuman….
“ Jaga mah gunung eta
ge moal aya…” Ceuk nu diajak ngobrol tea.
“ Naha..?? “
“ Pan geus ditalugaran
ti ayeuna keneh keur ngurug laut…”
“ Ngurug laut..???”
“ Enya…cenah mah rek
nyieun darat…”
“ …Kutan ??? “ Sajongjongan
tarang kerung….
Ras inget…enya ngadenge,
di puseur dayeuh kungsi riributan balukar Pamarentah ngurugan basisir, cenah mah keur ngalegaan darat.… Boa
enya jaga mah gunung-gunung ditalugaran
dipake ngurug laut…Tuluy lemah jadi datar, rata euweuh gunung euweuh laut. Teu kabayangkeun….
Hate ukur tumanya :
lebah dieu, jelema teh motekar atawa
sarakah…? *
*Ditulis ku Mang Nanang *
Tidak ada komentar:
Posting Komentar