Kiwari kecap jalingkak
geus langka diucapkeun. Lantaran polah awewe geus dianggap biasa jeung teu aneh
mun sarua jeung lalaki. Geura titenan : bareto awewe teh mun budak atawa mojang
sok marake erok, ibu-ibuna dikabaya jeung disamping kebat, pan ayeuna mah geus loba
nu dangdananana kawas lalaki. Geus loba nu marake calana panjang, kaasup nini-nini.
Dina diuk, bareto mah
awewe teh sok emok, nyaeta ti semet tuur ka handap duanana ditilepkeun ka
tukang. Ayeuna diukna teh loba nu sila atawa bari nangkeup tuur. Malah mun keur
boncengan dina motor ge, loba nu ngajegang. Pan bareto mah keur jaman dina
sapedah diukna teh nyanghareup ka gigir, nu otomatis sukuna rekep.
Lebah kaulinan, kawas
geus teu aya bedana. Mun bareto nu sok teterekelan teh lalaki, ayeuna mah awewe
ge sok tataekan. Kitu deui bangsaning
ajleng-ajlengan, gugulantungan, sesepakan, akod-akodan, jeung sabangsana. Ningali
awewe maen bal ayeuna mah teu aneh.
Malah pan aya awewe nu
jadi petinju
, pegulat, angkat besi, jeung bangsaning kaulinan nu bareto mah kaulinan
lalaki.
Jaman memang geus
robah. Bareto awewe teh kudu andalemi, lungguh timpuh, lantaran kitu rasa ajen
sosialna harita ; awewe kudu identik jeung lemah lembut tur
camperenik. Kiwari ajen kitu teh dianggap ortodok.
Jadi panghalang kana kamajuan, kitu cenah. Salah ? Ah teu salah da nu ngaranna
ajen mah pan kumaha nu ngama’naan.
Ngan sawadina, awewe
teh kudu eling kana jati dirina. Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak. Ulah
rasa maneh geus jamanna kieu heug we teu pupuguh gehgeran….. pipilueun
jalingkak… *
Ditulis ku Mang Nanang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar