Bareto
jaman keur budak, memeh sare teh – bari gogoleran ngadagoan tunduh – abah sok
ngadongeng. Rupa-rupa dongengna teh, dongeng buhun. Aya dongeng Si Kabayan,
Sakadang Monyet Jeung Sakadang Kuya,
Sangkuriang Kabeurangan, Lutung Kasarung, Aji Saka, Dalem Boncel, jeung
sajabana. Bari lalangkarakan nu ngadongeng ngecewis, ari nu ngadengekeun
saregep bari peupeureuman. Teu bosen najan dongengna teh
kitu keneh-kitu keneh. Sok komo mun bari
heureuy.
Alam
harita ana reup peuting di luar sepi jempling. Can aya listrik komo TV (
televisi ) mah. Di jero imah ukur caang ku lampu cempor, bari ketit-ketit. Bada isa sajolna balik
ngaji ti tajug tara aya pacabakan nanaon.
Nu matak sok tuluy we gegelehean di enggon atawa tengah imah. Nya dina mangsa
kitu abah, atawa ambu sok ngadongeng bari ngadagoan tunduh. Tempo-tempo sok
tara kanyahoan tamatna dongeng teh,
kaburu ngeleyep.
Kiwari
sanggeus caang listrik di mana-mana, bari TV ge geus aya ampir di unggal imah, kabiasaan kitu teh geus langka,
atawa boa euweuh. Rek teu kitu kumaha, beurang peuting TV ngagembrung bari
acarana rupa-rupa pikaresepeun. Puguh matak pogot, boh kolot boh budak. Kitu
ongkoh, katambah pan ayeuna mah loba pisan produk
teknologi nu geus teu kaasup barang
mewah. Kayaning video, komputer, HP (
handphone ) jeung sajabana. Kukituna sarana
“pangbebenjo” jadi beuki loba. Hayang
naon wae, kari boga duit keur meulina.
Jadi, mun
tea mah dongeng memeh sare kasered,
kaharti. Kolotna geus teu mikir ngadongeng, budak can puguh resepeun kana
dongeng. Sok komo beuki dieu – beuki
dieu pilem animasi dina TV beuki ceuyah jeung pikaresepeun. Atuh kaulinan anu
disebut gim geus ilahar. Dalah barudak balita geus barisaeun maen gim. Cohagna, dongeng memeh sare teh eleh jajaten.
Munasabah bongan dongeng mah ukur sora, sedengkeun pilem animasi jeung gim mah
nya sora nya katara.
Dipikir
kitu memang wayahna. Tapi dalah kumaha, najan hanjakal lantaran barudak ayeuna
jadi leuwih wanoh kana budaya deungeun. Upamana bae kana tokoh-tokoh imajiner saperti robot, Spiderman, Bathman jeung sajabana. Urang
tangtu ma’lum ari budaya teh pan ngandung ajen. Ajen bangsa deungeun can tangtu
cocok jeung budaya urang. Jadi mun barudak urang hayoh dihuapan budaya deungeun, rek kumaha budaya urang
kahareupna ?
Padahal
dina dongeng memeh sare teh loba pisan ajen positipna.
Upamana atikan ngeunaan budi pekerti, wawasan,
cinta lingkungan, pangaweruh, kapinteran jeung sajabana. Eta ajen-ajen teh bisa
diselapkeun dina dongeng. Kawas dina “Dongeng Sakadang Peucang”. Dina dongeng
eta peucang bisa ngelehkeun buaya. Padahal peucang teh sato leutik, ari buaya
sato gede, kuat, bedas jeung galak. Naha ? Lantaran peucang mah pinter, ari
buaya bodo. Tah pan, bisa dipepelingkeun
ka barudak yen hirup teh kudu pinter. Ari
supaya pinter nya kudu soson-soson ngalap elmu.
Inget keneh
basa sok dipangdongengkeun ku ambu, bari ngadongeng teh panangan ambu nyaliksik
kana buuk. Atawa ngusapan tonggong. Karasa
geterna kaasih indung ka anak. Ana kitu,
tetela dongeng memeh sare teh bisa ngaraketkeun tatali batin. Nu matak, mun bisa
mah da ulah sina tilem……*
Ditulis ku Mang Nanang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar