Kamis, 17 Mei 2018

DONGENG SAKADANG PEUCANG


Di sisi leuweung aya walungan gede, caina ngagenyas herang. Dina hiji mangsa sakadang peucang anjog ka dinya, ngahaja hayangeun nginum. Bakat ku hanaang teu barang pikir, rot we nginum saseubeuhna. Keur jongjon ngalegik, ana gep teh sukuna digegel ku buaya. Sakadang peucang reuwas.  Tapi manehna nyoba neger-neger maneh.

“ Ku naon ari sia bet ngegel kai, da ieu suku uing mah ….” Ceuk peucang bari nancebkeun popongkol ka deukeut sukuna nu digegel ku buaya.

Nadenge kitu buaya ngaleupaskeun suku peucang, gep kana regang.  Peucang geuwat ngagajleng ngajauhan.
“ Dasar sato bodo siah… puguh bener nu digegel ku sia teh suku aing….” Ceuk peucang ngajejeleh bari nonggengan. Buaya bati ambek. Tapi teu bisa majar kumaha da peucang tuluy mabur ke jero leuweung.

Kocap sababaraha waktu ti harita, peucang anjog deui ka lebah dinya. Manehna hayangeun meuntas, ngan teu wani nenjo cai ngagulidag. Sok komo barang nenjo buaya nu kungsi dilejokeun tea keur calangap pikasieuneun . Tapi dasar sato pinter, manehna ujug-ujug manggih akal.
“ Sakadang buaya..!” Cenah ngagorowok.
“ Uing ngahaja kadieu rek seba awak ka silaing..”
Ngadenge kitu buaya curinghak, atoh. “ Rek seba awak…… ?” Tembalna.
 “ Sok atuh sia kadieu ku aing rek dihakan…” Cenah bari ngadeukeutan peucang.
“ Enya heug ….” Ceuk peucang. “ Ngan da awak uing mah bisa ngagedean moal beak ku hiji buaya…”
“ Jadi kudu kumaha..?” ceuk buaya.
“ Geroan balad silaing, kudu ku tujuhan hayang beak mah…” Jawab peucang.

Teu talangke buaya teh ngaleos rek ngageroan batur-baturna. Teu sawatara lila geus jol deui, rabul jeung ngaronghok hareupeun peucang.

“ Atuh tong tinglaliud kitu, sok ngajajar ti sisi belah ditu nepi ka sisi belah dieu. Ku uing rek diitung jejeg tujuhan…?” Ceuk peucang. Buaya nurut, heg maranehna ngajajar: nu hiji ngajepat ka girang, nu hiji deui ngajepat ka hilir. Kitu jeung kitu selang sekar, nepi ka siga cukang.

“ Caricing nya, ku uing rek diitung heula…” Ceuk peucang bari tatan-tatan rek ngagajleng.
Tuluy manehna ngawahan, geus kitu jleng kana tonggong buaya nu pangdeukeutna.
“ Hiji….” Cenah sanggeus cle dina tonggong buaya ka hiji.
Tuluy ngagajleng deui kana tonggong buaya ka dua. “ Dua…! “
Kitu jeung kitu, nepi ka sisi belah ditu. Sanggeus aya dina tonggong  buaya nu pang tungtungna, peucang ngagajleng ka darat, bari surak. “ Horseeehhh….!! “  Cenah pohara bungahna.

Buaya ting polohok. Kakara ngarti maranehna dilejokeun ku peucang.
Ari peucang tuluy ngincid ka leuweung bari samemehna ngajejeleh ka buaya. “ Dasar sato bodo siah…. Belegug ! Kalah awak we galede……!” Cenah.
Buaya ting laleos, handeueul jeung ambek katipu ku peucang……….*

-------------------------------------------
Didongengkeun deui ku Mang Nanang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar