Di kebon pa
tani, cabe
mani meuhpeuy geus meujeuhna alaeun. Lar sakadang kuya jeung sakadang monyet ka
lebah dinya.
“
Lakadalah…aya dahareun euy…” Ceuk sakadang monyet
“ Heueuh
kabeneran uing geus hayang barang hakan…” Tembal sakadang kuya.
Teu antaparah
deui, eta dua sato teh ngaremus kana cabe saseubeuhna. Lila-lila sakadang
monyet ngarasa lada. Bari cacamuilan teh manehna cocorowokan, “ Seuhah
lata-lata…seuhah lata-lata…” Cenah.
“ His, ulah
gareuwah bisi kadengeeun ku pa tani…!” Ceuk sakadang kuya.
Tapi sakadang
monyet teh hayoh we seuhah lata-lata seuhah lata-lata, bari hantem cacamuilan.
Pa tani nu
boga kebon kawasna ngadengeeun. Manehna buru-buru ngariksa ka kadinya.
“ Hah, beunang
siah nu sok malingan cabe aing teh…” Pokna.
Mireungeuh
kitu sakadang monyet ngagajleng sarta nerekel kana tatangkalan. Tapi orokaya
sakadang kuya mah teu bisa lumpat. Sakadang kuya ditewak ku pa tani, sarta
tuluy dibawa ka imahna.
“ Yeuh barudak
kurungan, isuk urang peuncit…” Ceuk pa tani ka anakna sanggeus nepi ka imahna.
Reup peuting
sakadang kuya guling gasahan nyahoeun isuk rek dipeuncit. Kabeneran torojol teh
sakadang monyet. Sakadang kuya asa boga harepan.
“Keur naon
euy…?” Ceuk sakadang monyet.
“Keur ngawawas
jadi panganten…” Tembal sakadang kuya teu kireum-kireum.
“Har ari kitu
silaing teh rek kawin ?... Jeung saha…?”
“Pan jeung
anak pa tani…, tuh ayeuna di imahna keur tatahar rek hajat…”
“ Beu…bagja
pisan silaing…. gentenan we ku dewek ….” Sakadang monyet daria.
“ Meunyi…”
Jawab sakadang kuya.
“Atuh euy… pan
urang teh geus lila sosobatan…..” Sakadang monyet maksa.
“Nya atuh ari
silaing keukeuh mah teu nanaon, ngan dewek anteurkeun heula ka leuwi…” Ceuk
sakadang kuya bari pohara atohna.
“ Cetek nu
kitu mah…” Tembal sakadang monyet haget.
Gancangna
carita kurung teh dibuka ku sakadang monyet. Tuluy sakadang kuya dipangku, dianteurkeun ka leuwi. Geus kitu sup sakadang monyet ka
jero kurung. Sapeupeuting manehna jigrah, ngarasa bungah isukan rek dikawinkeun
jeung anak pa tani.
Kocap isukna,
pa tani geus ngasah bedog rek meuncit kuya. Kadengeeun ku sakadang monyet pa
tani nyarita kieu,
“ Barudak bawa
kuya teh kadieu…urang peuncit ayeuna…” Cenah.
Sakadang
monyet ngajenghok, kakara ngarti manehna dilejokeun. Teu loba mikir geuwat papaehan. Ngagoler teu empes-empes.
Srog budak pa
tani ka dinya, kaget ningali kuya geus jadi monyet…
“ Abah…,
geuning kuya teh jadi monyet….tapi geus paeh deuih…” Cenah ngagorowok.
Pa tani
nyampeurkeun, bener kuya teh geus jadi monyet bari jeung geus paeh.
“Alungkeun we
ka leuwi…!” Cenah nitah ka anakna.
Sakadang
monyet dibawa ka leuwi, sarta lung dialungkeun. Puguh monyet hirup, barang
keleweng teh, ujug-ujug gajleng we bari tuluy nerekel kana tatangkalan…..
---------------------------------------------------
Didongengkeun
deui ku Mang Nanang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar