Minggu, 15 Mei 2016

DANGDUT DANG DANG DUT



Ti saprak dipidangkeun dina televisi, musik dangdut nerekab. Lain bae di di pakotaan tapi oge di ka kampung-kampung. Kawantu televisi teh kiwari geus asup ka pilemburan. Bareto nepi ka awal taun tujuhpuluhan, musik dangdut saeutik keneh nu mikaresepna. Harita nu keur mahabu teh musik pop. Musik dangdut sasat teu dilieuk ku panon sabeulah. Malah nu kacida teu resepeunana mah nyebutna ge musik kampungan.

Kecap ‘dangdut’ meunang nyokot tina ‘dang-dang dut’. Eta teh wirahma sora kendang nu kadengena : dang-dang duuut... dang-dang duuut ...Nu nepi ka kiwari ngarupakeun ciri mandiri musik dangdut. Samemeh populer ku sebutan dangdut, eta musik teh disebut orkes melayu. Sabenerna geus aya ti bareto, ngan teu loba nu mikaresepna. Duka mun pedah saeutik media nu nga-populer-keunana.

Nilik wanda musikna, orkes melayu nu ayeuna disebut dangdut tea atra pisan kapangaruhan ku musik India. Bisa kaharti, lantaran harita – taun geneppuluhan - budaya India sasat keur dipigandrung ku masarakat urang. Salah sahiji contona, ceuyahna film-film India di bioskop-bioskop. Ari dina film India, nyanyi jeung tari teh ngarupakeun ciri.  Tah wanda musikna teh ngagedekeun sora kendang jeung bangsing. Nyaeta nu kadengena dang-dang dut tea.

Kiwari musik dangdut geus mahabu di mana-mana. Dina televisi saban poe tara suwung tina tayangan dangdut. Di nu kariaan lolobana nanggap dangdut. Supir-supir angkot geus umum  nyeretel lagu dangdut. Kitu deui di imah-imah. Naon istimewana dangdut ? Cenah mah gampang ditarimana ! Watekna jigrah mawa gumbira, rek laguna senang rek laguna sedih ge.

Ngadenge musik dangdut perbawana hayang reureundeukan. Paling copel sirah unggut-unggutan. Kawasna ieu salah sahiji daya tarik dangdut. Nu nyanyi dangdut kawas teu apdol mun teu bari teu gutak-gitek. Komo mun nu bener-bener artis dangdutna mah. Utamana biduanita, salian ti centil teh dangdananana kadang-kadang menor. Malah teu euweuheun nu kaleuleuwihi, jalingkak jeung ngumbar orat.

Musik teh ibarat kadaharan. Teu kabeh jelema resep kana hiji kadaharan. Kana dangdut ge kitu. Nu resep kana dangdut sok kawas poho dinanaon. Ana geus joged teh anteng ting gareol sacetana-sacetana. Beda jeung nu teu resep, majar teh asa rehe. Memang suasana dangdut jauh mela-melu tina suasana tenang atawa kalem. Nu geus resep kana musik kroncong atawa cianjuran, kawasna bakal ngarasa bangreung mun ngadenge musik dangdut.

Kiwari dangdut geus ngabudaya di masyarakat. Penyanyi dangdut renung ibarat suung kahujanan. Boh nu di panggung hajatan keneh, boh nu geus midang na televisi. Kitu deui selebriti ti kalangan artis dangdut. Geus loba nu ngaranna sohor, naha sohor ku alus nyanyina, atawa  sohor ku paripolahna. Kangaranan selebriti teu aneh jeung kaharti mun kalakuanana  loba oge nu kaleuleuwihi, malah adigung. Bisa jadi lantaran ngarasa geus sohor jeung boga martabat. Ngaranna ge jelema....*
  

Galindeng.blogspot.com

PAIS TUMBUNG



Bareto, keur anyaran ngumbara di wewengkon Kresek Tangerang – umur ge karek duapuluhtaunan -  kuring kungsi diheureuyan ku urang dinya. Harita sirah teh jangar. Geus diubaran ku obat warung teu cageur wae. Ka Astra salah saurang kokolot ngabejaan. Cenah “ Nyeri sirah mah ubaran ku pais tumbung, geura moal kusi lila ge cageur...” Pokna teu siga-siga.
“ Naon pais tumbung teh... ? “ Kuring teu ngarti puguh karek ngadenge.
“ Ka si Kanah geura tanyakeun, dewekna mah bogaeun, heg menta..” Jawab Ka Astra deui.

Kajurung ku hayang cageur, kuring nanyakeun ka Teh Kanah. Ari teh Kanah teh  nu boga imah tempat kuring kost. Umurna tilu puluh taunan, karek boga budak hiji. Basa kuring nanya, inyana sajongjongan mah kerung. Tapi tuluy seuri kawas kagugu.

“ Ari kitu si guru teh hayang pais tumbung..? “ Pokna
“ Enya keur ubar sirah..” Jawab kuring daria
“ Heg wae  dibere, ari hayang mah...”
“ Ari kitu di teteh aya..?”
“ Aya...”
“ Cik atuh, asa kumaha pais tumbung teh...? “
“ Ngeunah ... mantak hayang deui...” Teh Kanah bari nyikikik nembalna teh.
“ Sok atuh...” Ceuk kuring
“ His ulah ayeuna....ke peuting ngarah jojong. Ari jojong mah ngeunah murakna...” Teh Kanah kawas nu beuki kagugu.
Kuring  teu ngarti, tapi teu papanjangan, geus kitu mah leos we ka enggon.

Isukna Teh Kanah nyampeurkeun, kawas ngahaja ngaheureuyan. “ Majar hayang pais tumbung, naha peuting diarep-arep euweuh ? Pokna.
“ Kapeureuman.....” Jawab kuring,  “ Ayeuna we atuh ...”
“ Ah, moal jojong wayah kieu mah, guru... Kudu engke peuting ngarah ngeunah pisan...” Ceuk Teh Kanah bari angger seuri.

Ku kuring diobrolkeun ka si Nurjen soal eta teh. Nu diobrolan nyakakak.
“ Hah..si guru rek dibere pais tumbung ku Teh Kanah ? Atuh untung...kami ge hayang dibere mah...” Cenah.
“ Na aon pais tumbung teh, Jen..?” Kuring keukeuh teu ngarti.
Si Nurjen lalaunan ngajawabna teh, bari ngaheheh. “ Tumbung teh bobogaanana awewe, paranti kiih ...” Cenah.
Jadol teh...paingan....

Ti harita, soal pais tumbung teh sok jadi heuheureuyan. Teh Kanah angger pokna teh “ Lain hayang pais tumbung...?” Cenah.
Ku kuring sok dilayanan “ Ah si Teteh mah ngabibita wungkul...da henteu sok mah...”
Teh Kanah nyikikik gumeulis,
“ Engke peuting nya, ngarah jojong...” Jawabna angger kitu..*
-----------------------------------------------------
Galindeng.blogspot.com / Mang Nanang

TURUNAN KEN AROK



Keur sakola kungsi boga babaturan ngaranna si Somad. Eta budak teuing ku bengal. Ka batur hayangna ngan ngajak pasea. Teu kaop aya masalah saeutik langsung ambek. Atuh gelut mah gelut ampir unggal poe. Ku guru mindeng diwurukan tapi kawas teu mempan. Geus puguh ari digelendeng mah sok kawas ngahajakeun. Bedang, basangkal, kitu pibasaeunana.

Ku si Maksum – sobatna – dilandihna teh “ Si Turunan Ken Arok”. Pedah eta cenah dina sejarah aya kekentong  ngaranna Ken Arok, nu jadi raja di Tumapel taun 1222-1227. Ari Ken Arok - cenah ceuk pararaton - ti bubudak keneh geus bengal jeung basangkal. Resep kana adu-aduan, resep gelut, nepi ka jadi jawarana sanggeus dewasa. Ceuk carita, manehna teh pada mikagigis lantaran jagoan. Katelah tukang tarok, tukang bobok, tukang mukakeun anerok. Malah pan boga pamajikanana ge  meunang ngarebut ti dununganana ( baca : Ken Arok Raja Tumapel ). Kitu deui kakawasaanana dipimilik kucara kudeta.

Kiwari ari ngabandungan polah masarakat nu kabaca dina media sok inget ka si Maksum. Nya eta soal turunan Ken Arok tea. Memang ari hubungan mah kawasna teu aya, kawantu jauh pisan ti jaman Ken Arok nepi ka ayeuna teh aya dalapan abadna. Tapi mun ngalenyepan sipat masarakat urang kiwari, kawasna aya oge sipat-sipat Ken Arok nu memang ngancik di masarakat urang. Geura urang titenan.

Di masarakat urang loba keneh jelema nu ngaheulakeun amarah batan pamikiran. Contona : mun aya bangsat katewak, hayangna teh langsung nyiksa sahabekna teu mikir leuwih panjang. Atuh mun aya teu kapanuju hayangna langsung ngaruksak. Geura tingali dina unjuk rasa, pan ka Pulisi ge wani ngalawan.   Perkara leutik bisa jadi gede. Upamana tina sili panasan, suporter jeung suporter  garelut campuh naker . Tina salah paham,  warga kampung Anu nyerang ka kampung sejen, kawas keur perang.

Jadi nu digegedekeun teh egoisme, rasa aing ! Rasa aing jago, rasa aing kawasa, rasa aing loba balad, rasa aing boga beking jeung sajabana.  Di jalan gede, pira kasenggol saeutik nyel ambek ; nyarekan atawa popolotot. Geus puguh kana aturan mah teu saeutik nu wani ngarempak. Dina trotoar, tukang dagang sangeunahna ngahalangan nu lalar liwat. Nu marawa kandaraan lolobana harayang ngeunah sorangan.  Paduli teuing batur mah rek jadi korban ge.

Nu matak prihatin, dikalangan barudak sakola geus tumuwuh budaya tawuran.  Ti mimiti barudak SMP nepi ka mahasiswa. Atuh organisasi barudak tukang ngaruksak nu disebut Geng Motor tea geus nerekab ka unggal tempat. Kawas teu bisa dibasmi, teuing kunaon. Nu matak  era, geuning di tingkat elit - upamana dikalangan para Wakil Rayat - budaya pasea alatan teu sapaham atawa teu aya kapanujuan teh oge geus aya. Geuning aya kabejakeun Anggota Dewan dogdag silih herengan rek garelut...

Ras ka Ken Arok, sasat tina jelema baragajul ngalaman hirup mulia jadi raja. Sok sanajan dimimitian ku cara kotor. Ras deui ka si Somad - budak basangkal tea – tina tukang gelut cenah jadi Politisi nu kaasup vokal jeung boga pangaruh. Bedana, ari  Ken Arok mah pamustunganana tiwas alatan diarah pati, ari si Somad mah majar teh asup ka bui alatan korupsi...

Ceuk gerentes hate : boa-boa Ken Arok teh aya keneh di lingkungan urang. Nyurup dina paripolah masarakat urang ! Ana kitu, palangsiang  “ turunan ” Ken Arok teh urang....*

Galindeng.blogspot.com / Mang Nanang



NGEMBANGAN



Bareto basa kuring keur ngajar di Tangerang taun tujuhpuluhan - pasna di desa Jengkol kacamatan Kresek – kungsi manggihan kabiasaan wewengkon nu karek harita kuring nyahona. Kabupaten Tangerang harita masih keneh lega. Kacamatan Kresek kaasup salah sahiji kacamatan anu jolok. Listrik karek aya di sawatara tempat. Wewengkon anu di cicingan ku kuring mah lapur. Kaasup jalan ukur jalan jajahan biasa. 

Sakadar keur ngagambarkeun kumaha urang dinya harita - Lain sing heureuy - bener aya kandang munding anu ditempatkeun di hareupeun imah ( sasuhunan jeung imah ). Malah di Desa Gunung Kaler mah aya munding nu saimah jeung nu bogana. Duka tah naha imah dipake ngampihan munding, atawa kandang
munding dipake imah...

Balik deui kana kabiasaan nu kuring karek nyaho tea. Di lelewek eta harita aya kabiasaan nu disebut “ngembangan”. Memang teu kabeh urang dinya make, tapi aya keneh nu sok ngalakukeun. Naon ngembangan teh ? Ngajodokeun budak, dina harti nyangreudkeun pasini antara kolot budak lalaki jeung kolot budak awewe.

Ari budak nu dikembangan kira-kira umur 8 -10 taun atawa saumur murid SD. Tangtu wae ieu teh kahayang kolot pada kolot. Tujuanana rupa-rupa, diantarana mageuhan mimitran antara kolot budak awewe jeung kolot budak lalaki. Atawa supaya harta banda kolot jaga ngahiji. Biasana nu beunghar jeung beunghar. 

Dina prungna ngembangan, mokaha kawas ngawinkeun budak gede. Biasa hajat jeung ondang-ondang. Malah mun ninggang ka jelema aya mah make jeung tatanggapan sagala. Biasana sok nanggap topeng, samodel Lenong Batawi kitu. Ari pangantenna biasa direnceng-renceng. Didangdanan ilaharna panganten, jeung dipajang ngarah katempo ku tamu. Kulantaran Tangerang teh deukeut ka Jakarta, Pangaruh Batawi
karasa pisan dina prak-prakanana kariaan.

Geus beres dikembangan panganten teh papisah deui ; budak awewe di kolot awewe, budak lalaki di kolot lalaki. Dina emproanana eta budak teh sok pahare-hare. Da puguh dikembangan teh sasat kahayang kolot-kolotna, maranehna mah teu ngarti nanaon. Cenah jaga mun geus arakil baleg, aya dua kamungkinana : jadi ngajodo, atawa teu jadi ngajodo. Mun jadi ngajodo biasa kawin nyaan dirapalan. Mun henteu, nya bolay kumaha karep masing-masing.

Resep teh ari ngagonjak budak awewe nu geus dikembangan. Manehna sok uman-imen atawa jejebris mun dieuleuh-euleuh teh. Malah sok gudad-gadeud sakalieun amprok jeung “salakina”ge. Harita kuring boga batur ulin nu geus dikembangan keur leutikna, ngaranna Nurjen. Ceuk inyana, ari teu bogoh mah kumaha, nya neangan deui we nu sejen...

“ Keun bae dipulung ku didieu ?” Ceuk kuring ngaheureuyan.
“ Pek bae ari hayang mah...” Jawabna daria.
“ Can dikukumaha...?”
“ Boro-boro..”
“ Atuh si Jamini teh randa bengsrat nyah...?”
Si Nurjen ukur nyerengeh...*
------------------------------------------------------
Galindeng.blogspot.com / Mang Nanang.