Minggu, 15 Mei 2016

TURUNAN KEN AROK



Keur sakola kungsi boga babaturan ngaranna si Somad. Eta budak teuing ku bengal. Ka batur hayangna ngan ngajak pasea. Teu kaop aya masalah saeutik langsung ambek. Atuh gelut mah gelut ampir unggal poe. Ku guru mindeng diwurukan tapi kawas teu mempan. Geus puguh ari digelendeng mah sok kawas ngahajakeun. Bedang, basangkal, kitu pibasaeunana.

Ku si Maksum – sobatna – dilandihna teh “ Si Turunan Ken Arok”. Pedah eta cenah dina sejarah aya kekentong  ngaranna Ken Arok, nu jadi raja di Tumapel taun 1222-1227. Ari Ken Arok - cenah ceuk pararaton - ti bubudak keneh geus bengal jeung basangkal. Resep kana adu-aduan, resep gelut, nepi ka jadi jawarana sanggeus dewasa. Ceuk carita, manehna teh pada mikagigis lantaran jagoan. Katelah tukang tarok, tukang bobok, tukang mukakeun anerok. Malah pan boga pamajikanana ge  meunang ngarebut ti dununganana ( baca : Ken Arok Raja Tumapel ). Kitu deui kakawasaanana dipimilik kucara kudeta.

Kiwari ari ngabandungan polah masarakat nu kabaca dina media sok inget ka si Maksum. Nya eta soal turunan Ken Arok tea. Memang ari hubungan mah kawasna teu aya, kawantu jauh pisan ti jaman Ken Arok nepi ka ayeuna teh aya dalapan abadna. Tapi mun ngalenyepan sipat masarakat urang kiwari, kawasna aya oge sipat-sipat Ken Arok nu memang ngancik di masarakat urang. Geura urang titenan.

Di masarakat urang loba keneh jelema nu ngaheulakeun amarah batan pamikiran. Contona : mun aya bangsat katewak, hayangna teh langsung nyiksa sahabekna teu mikir leuwih panjang. Atuh mun aya teu kapanuju hayangna langsung ngaruksak. Geura tingali dina unjuk rasa, pan ka Pulisi ge wani ngalawan.   Perkara leutik bisa jadi gede. Upamana tina sili panasan, suporter jeung suporter  garelut campuh naker . Tina salah paham,  warga kampung Anu nyerang ka kampung sejen, kawas keur perang.

Jadi nu digegedekeun teh egoisme, rasa aing ! Rasa aing jago, rasa aing kawasa, rasa aing loba balad, rasa aing boga beking jeung sajabana.  Di jalan gede, pira kasenggol saeutik nyel ambek ; nyarekan atawa popolotot. Geus puguh kana aturan mah teu saeutik nu wani ngarempak. Dina trotoar, tukang dagang sangeunahna ngahalangan nu lalar liwat. Nu marawa kandaraan lolobana harayang ngeunah sorangan.  Paduli teuing batur mah rek jadi korban ge.

Nu matak prihatin, dikalangan barudak sakola geus tumuwuh budaya tawuran.  Ti mimiti barudak SMP nepi ka mahasiswa. Atuh organisasi barudak tukang ngaruksak nu disebut Geng Motor tea geus nerekab ka unggal tempat. Kawas teu bisa dibasmi, teuing kunaon. Nu matak  era, geuning di tingkat elit - upamana dikalangan para Wakil Rayat - budaya pasea alatan teu sapaham atawa teu aya kapanujuan teh oge geus aya. Geuning aya kabejakeun Anggota Dewan dogdag silih herengan rek garelut...

Ras ka Ken Arok, sasat tina jelema baragajul ngalaman hirup mulia jadi raja. Sok sanajan dimimitian ku cara kotor. Ras deui ka si Somad - budak basangkal tea – tina tukang gelut cenah jadi Politisi nu kaasup vokal jeung boga pangaruh. Bedana, ari  Ken Arok mah pamustunganana tiwas alatan diarah pati, ari si Somad mah majar teh asup ka bui alatan korupsi...

Ceuk gerentes hate : boa-boa Ken Arok teh aya keneh di lingkungan urang. Nyurup dina paripolah masarakat urang ! Ana kitu, palangsiang  “ turunan ” Ken Arok teh urang....*

Galindeng.blogspot.com / Mang Nanang



Tidak ada komentar:

Posting Komentar