Sabtu, 07 Mei 2016

BABAD LOKAPALA



Dina carita pawayangan -  nu nelah  Babad Lokapala - kocap aya hiji satria nu karek lugay ti padepokan, ngaranna Raden Bangbang Somantri. Inyana geus panceg niatna hayang kumawula ka raja nu dianggap leuwih luhur elmuna. Nya nu dijugjug teh karajaan Maespati, da ceuk beja nu jeneng raja Prabu Arjuna Sasrabahu kawentar digjaya sakti mandraguna.

Sanggeus cunduk ka payuneun raja, Bangbang Somantri waleh nembrakeun pamaksudanana. Sakedapan Sang Prabu hemeng.
“ Taya bayana andika kumawula di dieu..” Saurna.
“ Tapi wayahna rek dipentes heula… Jung indit ka Magada jadi utusan kaula. Di Magada aya saembara marebutkeun putri Citrawati. Mun andika bisa meunangkeun eta saembara sarta masrahkeun Nyi Putri ka kaula, andika ditarima kumawula didieu…”
“Dawuh timbalan Gusti..” walon Bangbang Somantri nyanggupan.

Gancangna carita, Bangbang Somantri miang ka Magada diiring ku para ponggawa.  Caritana nya anjog ka nu dijugjug, tempat saembara di Magada. Dewi Citrawati calik gedengeun ingkang rama nyakseni nu bitotama.  Sakitu geulisna, pantes mun loba pisan nu marikayangna.

Kajurung ku hade milik bari leber wawanen tur mibanda kadigjayaan, dina derna milu saembara ngadu jajaten, Bangbang Somantri kabiruyungan unggul. Euweuh nu bisa ngungkulan kana kasaktianana.  Kukituna nu geulis Putri Dewi Citrawati teh kacangking ku inyana.  Tangtu bae jadi kabungah jeung  kareueus, lantaran bakal bisa nembongkeun kadigjayaan ka Sang Prabu Arjuna Sasrabahu.

Bari ngaboyong Sang Putri rek mulang ka Maespati, Bangbang Somantri teu weleh ngarasa reueus ku kadigjayaanana sorangan. Boga rasa bener manehna teh sakti manggulang-mangguling.  Teu karasa jorojoy aya niat hayang ngajajal Sang Prabu. Saha nu nyaho kadigjayaanana sarua jeung aing atawa boa sahandapeun aing, ceuk pamikirna. Rasa ajrih ka raja sakedapan leungit, nu timbul ujub jeung nguntup hayang nyoba kasaktianana.

Kukituna basa nepi ka tepis wiring, reg eureun sarta ngajurungan ponggawa sangkan nepungan raja di karaton. Pokna, “ Bejakeun ka Sinuhun, putri moal disanggakeun,  mun butuh cokot kadieu…” Cenah kitu talatahna.

Ngadangu iber ti ponggawa, sakedapan mah Sang Prabu Arjuna Sasrabahu ngaheneng. Aya oge raosna asa diunghak. Tapi bubuhan raja linuhung, teu gasik bendu. Anjeunna nyaosan kahayang nu jadi utusanana.

 “ Aya naon andika ngageroan kaula kadieu..?” Saur Sang Prabu leuleuy , sanggeus amprok jeung Bangbang Somantri.
“Ampun Gusti…” Walon Bambang Somantri bari brek nyembah tapak deku.

Derekdek ku inyana dicaritakeun, yen hayang ngajajal heula kasakten Sang Prabu, da keur naon cenah kumawula mun kadigjayaan Sang Prabu teu saluhureun. Ngadangu kitu Sang Prabu mesem. 
“ Hade, kahayang andika ku kaula dicumponan…” Walerna.

Der ngadu jajaten antara Bambang Somantri ngalawan Prabu Arjuna Sasrabahu. Pohara  rongkahna puguh papada sakti jeung digjaya. Sang Prabu nu kawitna mah ukur sahinasna ngayonan Bangbang Somantri, lami-lami ngaluarkeun ajian pamungkasna, nyaeta ajian triwikrama.  Ana jelegjeg teh salirana ngaageungan mapakan gunung. Bangbang Somantri diranggeum ku sapalih pananganna. Nu diranggeum teu walakaya iwal ti koceak – dengek.
“ Tobaaat…ampuun Gusti…….” Ceuk Bambang Somantri ngarasa taak.

Sang Prabu teu tega ningal kitu mah.  Sot Bangbang Somantri dilesotkeun. Tuluy anjeunna mulih deui kana jirim aslina. Bangbang Somantri ngarumpuyuk, bari lumengis menta dibere ampun.

“ Cukup sakitu Somantri..? “ Saur Sang Prabu
Nu ditanya ukur ceurik bari nyuuh na sampean raja.
“ Mun andika masih hayang kumawula ka kaula…” Saur Sang Prabu deui.
“ Jung geura indit ka Gunung Untara, pindahkeun Taman Sri Widari ka Maespati. Mun bisa, maneh ditarima ku kaula..”

Bangbang Somantri da puguh kacida hayangna kumawula ka Prabu Arjuna Sasrabahu, nyanggupan. Sok sanajan  bari bingung, puguh teu nguntup. Undur ti payuneun raja, inyana niat mulang heula ka padepokan, sugan aya bongbolongan ti nu jadi kolot.

 “ Naon nu jadi kasusah teh kang Mantri…?” Ceuk Sukrasana adina, barang tepung di padepokan.
“Nyaeta akang teh dipentes ku Sang Prabu kudu mindahkeun Taman Sri Widari ti Gunung Untara ka Maespati, tapi akang teu bisa…” Walon Bangbang Somantri bari sedih.
“ Alaaaahh …nu kitu mah babari !…” Ceuk Sukrasana
Sok ku uing dibantuan, tapi engke uing milu  ka Maespati, heuheuh…?”

Bangbang Somantri sajongjongan mah kaget, percaya teu percaya. Tapi ahirna teu burung  ngaenyakeun .
Kersaning para Dewata, ku kasaktian Sukrasana nu wujudna buta, Taman Sri Widari sakedet netra pindah ka Maespati. Atuh plong Bangbang Somantri teh asa bungangang nu taya hinggana. Tapi orokaya Sukrasana nagih jangji. Maksa hayang milu ka Maespati. Ari Bangbang Somantri da puguh teu hayang mawa, lingsem ku wujudna Sukrasana nu sakitu goreng patutna.   

Keukeuh nu hayang milu, keukeuh nu embung mawa, antukna Sukrasana disingsieunan ku panah. Dihin pinasti anyar pinanggih, Sukrasana lain sieun kalah ngarontok kana gondewa nu geus sapentang-pentangeun. Atuh bres bae panah teh nanceb kana beuteungna. Sukrasana tiwas sapada harita.

Pungkasan carita, Bangbang Somantri miang deui ka Maespati sarta tinekanan kumawula ka Prabu Arjuna Sasrabahu. Ceuk galur carita, jaga waktu Bangbang Somantri tarung jeung Rahwana, arwah Sukrasana nyurup ka Rahwana sarta males ka Bangbang Somantri, nepi ka ieu satria teh tiwas. Cenah ieu teh jangji Sukrasana samemeh ngaleupaskeun nyawana…*
--------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang.
Galindeng.blogspot.com


Tidak ada komentar:

Posting Komentar