Taun tujuh
puluhan kuring kungsi ngumbara di wewengkon Banten, pernahna di desa Jengkol
kacamatan Kresek kabupaten Tangerang. Harita Tangerang can rame kawas ayeuna,
ongkoh sacara administrasi masih ngahiji jeung
Jawa Barat. Kacamatan Kresek alam harita kaasup salah sahiji wewengkon
nu pangjolokna mun diukur ti kota kabupaten. Jalan ka arah dinya ti Balaraja
kawilang ruksak. Can loba kandaraan umum; patalimarga Balaraja-Kresek ukur ku oplet
nu ngan sababaraha hiji jumlahna.
Ana reup
peuting, poek mongkleng buta rata. Can aya listrik, komo televisi mah. Di
unggal imah ukur caang ku lampu cempor. Sepi, comrek, ukur sora jangkrik jeung sabangsana nu kadenge. Di hiji dua imah
sok rajeun kadenge sora radio, ngan eta-etana nu minangka sarana hiburan.
Kuring kakara harita aya di wewengkon eta.
Meunang opat taun, lumayan boga rupa-rupa pangalaman guareun kiwari.

Ari awewe nu
diulinan bisa parawan, bisa oge randa. Memang teu kabeh awewe nu lalagasan bisa
dianjangan. Awewe nu sok daek dianjangan disebut rangda. Bisa dianjangan ku saha bae, rek wawuh rek teu wawuh.
Kumaha
nganjang teh ?
Bada isa, biasana
rangda teh geus midang di tepas imahna. Ngahaja meunang dangdan jeung
ngageulis. Ari kolot-kolotna atawa kulawargana caricing di jero, tara openan. Teu sawatara lila jol nu
nganjang, biasana barudak bujang nu keur meujeuhna resep ulin. Nu nganjang teh
bisa saurang, duaan atawa lobaan. Ku nyi rangda ditarima sarta dilayanan, boh
ukur ngobrol atawa heureuy.
Biasana –
komo mun peutingna keur hade - teu mangkuk sawatara lila, torojol deui nu
datang. Aya nu leumpang, aya nu kana sapedah. Nu datang ti heula sok ngolesed
pamitan, maksudna mere kasempetan ka nu anyar datang, kitu etikana. Dina
sapeuting teh nyi rangda bisa kadatangan ku sababaraha rombongan. Ari lalaki nu tadi mulang tea nganjang deui
ka rangda sejenna. Sarua maranehna ge dina sapeuting bisa nganjangan sababaraha
rangda. Nu dimaksud sapeuting kira-kira nepi ka jam sapuluhan, satunduhna
rangda.
Beuki
geulis nyi rangda -
komo mun bari akuan jeung darehdeh - sok beuki loba nu
nganjanganana. Ngaranna jadi kacapangan diantara barudak tukang nganjang.
Lalaki nu kapincut biasana sok remen datangna.
Tangtu wae teu sakadar ngobrol, tapi kaluar oge
“rayuan gombalna”. Nyi rangda bisa milih saha nu leuwih cop
jeung hatena. Mun inyana oge geus ngarasa bogoh, biasana sok beda rindatna. Geus
kitu mah kari ikrar “batu turun keusik naek”. Keur leuwih ngaraketkeunana
biasana nyi rangda sok dibawa lalajo mun aya pintonan, topeng atawa wayang
golek.
Tina
nganjang kitu loba oge nu tuluy ngajodo. Lalaki nu geus cop ka hiji rangda bari
rangdana oge daekeun, biasana sok buru-buru nanyaan. Sabab mun teu kitu bisa
wae nyi rangda kabengbat ku nu sejen.
Cenah salila nyi rangda can dikawin, inyana bisa keneh dianjangan ku nu
sejen ,sanajan kasebutna geus aya nu boga. Tapi hal eta gumantung oge kumaha rangdana…
Waas
ngabayangkeun jaman keur sok milu nganjang. Ngabelaan poek jeung tiris
abring-abringan ka imah rangda. Ukur kacaangan ku lampu cempor, bari katirisan
ku angin nu ngahiliwir - da puguh tepas teh sok ngabolongor - nyi rangda
diriung bari pada ngagonjak. Nu digonjak ukur uman-imen bari mesem, leuwihna ti kitu
nyikikik.
“ Tunduh ah, isuk deui nya…”
Ceuk nyi rangda mun inyana geus hayang ngampih.
Teu majar
kumaha, geus kitu mah kapaksa mulang……*
-----------------------------------------------
Ditulis ku Mang Nanang
Panineungan ka
batur ulin di Kampung Jengkol Kresek Tangerang
galindeng.blogspot.com
galindeng.blogspot.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar