Lir
kembang nu keur mangkak mekar, geulisna Nyi Putri Dyah Pitaloka – yuswa 18 taun -
putri cikal Maharaja Linggabuana raja Sunda di Kawali, kaemper-emper ka
Majapait, sarta kaangseu ku Maha Prabu
Hayam Wuruk. Harita Sang Prabu teh nuju milari pigarwaeun geusan permaisuri.
Ngadangu di Kawali aya nu mencrang lir wajra ( permata ), anjeunna kataji. Ongkoh
sakalian seja ngaraketkeun tatali wargi,
da mun dijujut ka luhur, Majapait jeung
Sunda teh masih sakaruhun.
Gancangna
carita, Sang Prabu nimbal utusan ngalamar Nyi Putri. Batu turun keusik naek,
Maharaja Linggabuana nampi kana eta lamaran. Nya tuluy babadamian kumaha
tatacarana. Hasil babadamian dua pihakna sapuk, Nyi Putri dijajapkeun ka tapel
wates Majapait, engke di ditu dipapag ku Sang Prabu Hayam Wuruk.
Cunduk kana waktu nu ditangtukeun, Nyi Putri
dijajapkeun ku ingkang rama ka Majapait. Teu nyandak pasukan perang da maksudna ge
rek ngiringkeun pipanganteneun. Ceuk sumber carita, jumlahna ge kurang ti
saratus urang. Eta teh ti mimiti gegeden karajaan nepi ka para sahaya jeung
para emban.
Nepi
ka alun-alun Bubat, Sang Prabu nu majar rek mapag teh can aya. Nya rombongan
tatahar kemah bari itung-itung reureuh. Keur itu jol utusan Majapait, ngemban
parentah ti Patih Gajah Mada. Cenah Nyi putri teh kudu dianteurkeun ka Sang
Prabu Hayam Wuruk salaku seba tanda
Sunda taluk ka Majapait. Maharaja Linggabuana kasigeung manahna. Nya patorong-torong.
Jol Patih Gajah Mada, inyana ngancam mun pihak Sunda teu ngagugu rek dirurug.
Enya kituna teh bari geus sayaga angkatan perang Majapait nu sakitu tohaga
jeung samagreng pakarangna.
Maharaja
Linggabuana najan tos ngukur moal pikuateun ngayonan pasukan Majapait, anjeunna
milih kahormatan jeung harga diri. Ajeunna milih ancur tutumpuran
tibatan kudu daek dianggap patalukan. Nya cumeluk ka rengrenganana,
“ Sanajan getih bakal ngocor kawas walungan di
medan Bubat ieu, kahormatan kami jeung kabeh satria Sunda moal rek ngantep kana
panghianatan ka nagara jeung rayat kami. Ku sabab kitu arandika ulah gimir.”
Saurna.
Kabeh
pangiringna sapuk, buleud mending milih
pati batan kudu dihina saperti kitu.
Antukna
perang teu bisa disinglar. Masing-masing tukuh dina pamadeganana. Dina derna
perang campuh, Maharaja katut para satria Sunda satekah polah ngalawan. Kabeh
milu jurit. Tapi da puguh teu saimbang, Maharaja katut rombonganana tiwas.
Kaasup Nyi Putri Dyah Pitaloka jeung para emban nu milih mati bela ku jalan
newek salira.
Prabu
Hayam Wuruk kacida reuwasna barang uninga kitu kajadianana. Puguh eta teh sanes
kahoyongna, asli alpukahna Gajah Mada. Bari hanjelu jeung sedih kingkin mireng
pibojoeun nu geulis kembang Kawali, sarta pimertuaeun Maharaja Linggabuana
katut rengrenganana nu geus ngababatang bari guyang getih, anjeunna
marentahkeun supaya mulasara layon sacara kanagaraan. Anjeunna ku anjeun
ngiring icikibung, mulasara layon putri sareng ramana.
Caritana
layon teh dipulasara numutkeun tatacara Hindu-Buda dina upacara nu agung. Lebu
layon dipasrahkeun ka utusan ti ka Kawali. Sang Prabu Hayam Wuruk nimbal utusan
geusan sanduk-sanduk menta pangampura ka pihak karajaan Sunda. Ti dinya brek Sang Prabu teh teu damang
wales ngemutan wae eta kajadian. Ari Patih Gajah Mada kungsi kabur sieuneun
ditibanan hukuman ku pihak karajaan. Cenah dihiap deui ka karaton sanggeus
Prabu Hayam wuruk garwaan ka Ratu Ayu
Kusumadewi.
Ieu
kajadian teh dina taun 1357 Masehi tanggal
13 bagian caang bulan Badra taun 1279 Saka, poe Salasa Wage samemeh tengah poe. Ti harita nami Maharaja
Linggabuana kamashur nepi ka mancanagara, geus puguh di sajeroeun karajaan
Sunda mah. Maharaja Linggabuana dipireueus salaku raja nu gugur dina ngabela
kahormatan karajaan Sunda. Nya ti dinya anjeunna nelah Prabu Wangi, hartina raja nu namina seungit…*
----------------------------------
Ditulis
ku Mang Nanang
Galindeng.blogspot.com
Patali
sareng ieu, aos : Prabu Siliwangi TehSaha
Tidak ada komentar:
Posting Komentar