Kawasna
barudak ayeuna mah moal nyaho jeung moal ngartieun kana kecap “pamali”, sebab
eta kecap teh geus tara kadenge boh di pilemburan sok sumawonna di pakotaan. Kajaba
meureun di wewengkon nu masih pageuh kana tali parantina, mun aya.
Baheula
kecap pamali teh ngabogaan pangaruh nu kawilang kuat. Teu sambarang jalma wani
ngarumpak kana naon nu di geus dipamalikeun. Naon pamali teh ? Ningali loyogna
kalimah, pamali teh bisa disebutkeun sarupaning panyarek, nu dianggap bisa
ngabalukarkeun mamala mun dirumpak. Contona kieu, “ Ulah calutak ka kolot,
pamali…” Ulah calutak hartina ulah kurang ajar. Mun kurang ajar ka kolot bisa
meunang bebendon ti Nu Maha Kawasa. Kitu kurang leuwihna.
Ngadenge
kecap pamali jalma baheula jarang nu wani bahula. Antukna naon nu dipamalikeun
saolah-olah jadi aturan nu dicekel pageuh, jeung sacara turun-tumurun
ditepikeun ka sekeselerna. Mireng kitu, kawasna teu salah mun budaya pamali
dianggap hiji kaarifan budaya buhun. Ukur ku kecap pamali jalma-jalma tumut
kana tali paranti. Jalma-jalma teu wani sagawayah mantangul kana naon nu geus jadi
papagon.
Ngaguar
masalah pamali lain hartina urang kudu balik deui ka jaman pamali. Tapi
teuleuman ajen nu aya dina budaya pamali. Jalma baheula gugon kana naon nu geus
dipamalikeun, cirining maranehna teh tumut jeung ajrih ka para karuhunna. Tah
tumut jeung ajrih eta nu mangrupa ajen budaya pamali.
Kiwari rasa
tumut jeung ajrih ka karuhun atawa ka kolot geus laas. Kitu deui kana aturan
kamasarakatan atawa kanagaraan. Jalma kiwari geus loba pisan nu wani mungpang
kana papagon. Boh papagon agama, papagon kamasarakatan, atawa papagon hukum.
Geura titenan, undang-undang kurang kumaha loba, pulisi jeung jaksa kurang
kumaha rempeg, tapi jalma-jalma beuki loba nu malawading. Padahal baheula mah
cukup ku disebut “pamali”, jalma-jalma teh narurut.
Jaman
memang geus robah. Jalma baheula leuwih ngaheulakeun nurut najan teu ngarti.
Tapi jalma kiwari ngaheulakeun teu nurut sanajan ngarti. Baheula sanajan
ngagunakeun basa silib, jelema teh tetep ngarti. Contona, “ Ulah diuk dina
bangbarung pamali bisi nongtot jodo…” Saliwatan asa teu ngambung antara diuk
dina bangbarung ( lawang panto imah baheula ) jeung nongtot jodo ( hese jodo ).
Tapi eta panyarek teh tetep digugu, da rasa tumut jeung ajrih tea. Bandingkeun
jeung ayeuna, “ Ulah miceun runtah di dieu” Kitu unina hiji tulisan di sisi
jalan, tapi ih bru deui-bru deui nu ngadon miceun runtah sangeunahna di sisi jalan,
teu uyahan…
Masalahna
memang lain ngarti-teu ngarti, tapi geus lunturna rasa tumut jeung ajrih tea.
Kecap pamali kiwari geus teu kadenge. Rajeun aya nu ngucapkeun ukur
heuheureuyan, “ Pamali paman diali…” Cenah bari seuri. Kecap pamali geus
dianggap kuno, tingaleun jaman, laas, bareng jeung laasna rasa tumut jeung
ajrih jalma-jalma kiwari. Keun ku laasna kecap pamali, tapi mun rasa tumut
jeung ajrih eta nu laas pikumahaeun barudak urang jaga…? *
Galindeng.blogspot.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar